Torehan Pena

Kliping, Reportase dari masa ke masa (https://torehanpena.github.io)

05 Oct 1994

MISKIN BAHAN BACAAN

Dina Galura no.27, Minggu ka V, September 1994, disebut yen: “Nabi Ummat Ahmadiyah 26, Ibadah Hajina ka Rabwah jeung Qadian,Kitab Sucina Tazkirah Jst…"

Eta tulisan jelas, mangrupa jijieunan nu nulis, ngandung muatan ftnah, sumber tulisan nyabeulah, nu nulis katara miskin bahan bacaan. Cobi sim kuring bere lolongkrang ngajelaskeun sakadarna:

  1. Jamaah Ahmadiyah the ngaran hiji gerakan Islam, Nabi na urang Ahmadiyah nyaeta Nabi Muhammad saw. Urang Ahmadiyah percanten kalayan yakin kabeneran dawuhan Allah Taala: “Kami ngutus maneh Muhammad pikeun jadi rahmat keur sakabeh alam” [Qs.Al-Anbiya : 28];[Qs.Al-Araf: 158];[Qs.Al-Jumah: 2]. Jadi, pikeun ngalaksanakeun missi eta, urang Ahmadiyah wani ngorbankeun: harta,waktu jeung kahormatan, wibawa dirina, demi nanjeurkeun: Izzul Islam wal Mulimin. Diantara ikhtiarna, narjamahkan Al-Quran ku rupa-rupa bahasa dunia, ngadegkeun missi Islam, jeung nancebkeun deui bandera: *”LAA ILAHA ILLALLAHU MUHAMMADURRASULULLAHI“ Di lima benua: Eropa, Amerika, Asia, Afrika jeung Australia, ku cara-cara damai, ngajauhkeun huru hara jeung pemberontakan. Ahmadiyah yakin haqqul yaqiin bahwa Islam bakal bangkit, jadi unggul, ku cara “Daya Tarik Kaindahan Islam”, lain sieun ku seukeutna pedang, urang Ahmadiyah yakin yen dirina mangrupa bagian nuteu beunang dipisahkeun ummat Nabi Muhammad s.a.w.

  2. Munggah hajina urang Ahmadiyah (lamun geus nyumponan syarat jeung rukunna) tangtu ka Mekkah Mukaramah sarta zarah ka makam Hz. Nabi Muhammad s.a.w. di Medinah, teu boga deui tempat Munggah Haji salian ka Mekah. [Qs.Ali Imran : 97];[Q.s Al-Baqarah : 196];[Qs.Al-Haj: 29]. Memang, puseurna Ahmadiyah dina waktu di adegkeun di Qadian, ka asup wewngkon India, dina tahun 1947 Puseur Ahmadiyah hijrah ka Rabwah, wewngkon Pakistan kulon.

  3. Kitab suci urang Ahmadiyah nyaeta Al-Quran jumlahna 30 juz, 114 surah, bacaana di mimitian ku huruf *[Bismillah, dina surah Al-Fatihah]* di tungtungan ku huruf *minal jinnati wannasi* Ayat-ayatna teu aya nu di mansuch-dibatalkan-Allah Taala ngadawuh “nya ieu pisan kitab suci Al-Quran nu eusina teu aya kamngmangan, pituduh pikeun jalma-jalma taqwa” [Qs.Al-Baqarah :2];[Al-Araf : ];[Qs.Ad Dhuhon: 2-3]. Simkuring miharep khusus ka nu nulis, oge ikhwan muslimin sanesna, supaya langkung afdhal, dihaturan sumping bae ka tempat sareng alamat [Rumah Misi, Mesjid] Ahmadiyah nu sumebar di bumi Parahiangan. Para Dai Ahmadiyah siap disumpingan, oge ngdongkapan para ikhwan muslimin, kangge milari kamaslahatn, tebih tina susdhan. Ka para rengrengan Rumpaka Galura. Sim kuring hahaturkeun nunun. Mugia Gusti Allah nu Maha Agung maparin taofik sareng hidayah-Nya. (Sukabumi,5 Oktober 1994)

Rumpaka: GALURA

Kopo plaza-Blok A N0.12-A. JL.Peta Lingkar selatan BANDUNG 46232

comments powered by Disqus