KRIMINALITAS PULITIK ETIKET ISLAM
KOROPAK SIPATAHUNAN:
KRIMINALITAS PULITIK ETIKET ISLAM
Assalamualaikum wr.wb.
Ketua MUI Jabar K.H.EZ Muttaqien diantawisna kantos nandeskeun: “Kriminalitas pulitik make Etiket Islam ngarugikeun umat Islam [Sipatahunan,27-3-1978].
Hal ieu bisa kaharti ku urang, yen gambaran nu kurang hade ka alamat ajaran Islam remen "dipamerkeun" ku rupa-rupa kajadian nu mere kesan sa-olah2 Islam teh agama kekerasan, paksaan jeung teu miboga rasa toleransi.
Padahal lamun urang nitenan ajaran Rasulullah pinuh ku kaluhungan budi, kajembaran jiwa jeung kaendahan ahlak. Islam heunteu di tanjeurkeun ku ”Pedang Berdarah”, tapi ku kakuatan ”Pedang Dawah”.
Ayana perang zaman Rasulullah s.a.w. mangrupa “pembelaan diri” tina agresi musuh. Kaayaan Rasululah sareng para sahabatna salamina diancam ku rupa aniaya massal jeung bekot sosial nu rongkah, geus kawilang wajar pikeun maksa umat Islam zaman harita angkat senjata, malah dikuatkeun ku pidawuh Allah s.w.t.:
”Jeung pek geura perangan ku maraneh dina jalan Allah jalma2 nu merangan maraneh teh, tapi ulah ngaliwatan wates wangen. Saenyana Allah teu resepeun ka anu sok ngaliwatan wates wangen teh. [Al-Baqoroh: 110]
Ayana “jihad” teh mangrupa roh kebangkitan Islam. Islam tanpa jihad statis, tapi ngalarapkeun jihad teh kudu tartib jeung cara nu hade, luyu jeung bakat kasucian Islam teu bisa nurutkeun kayang “nafsu” jeung kamasyhuran diri jauh tina sifat brutal.
Umat Islam Indonesia masih kakurangan ku Mujahid2 nu “berbakat” mibanda ahlak luhung. Allah swt Taupik sareng Hidayah ka urang sadaya. Aamiin.
Hatur nuhun ka ”Sipatahunan” nu tos ngamuat kereteg hate sim kuring.
Hormatna, Tatang Hidayatullah.Jl.Raya Babakan no 182 Majalaya-Bandung.